Cari Berita

Saved articles

You have not yet added any article to your bookmarks!

Browse articles
GTN Ragam - GTN Daerah - GTN Nasional - GTN Kepolisian & TNI - GTN Headline - GTN Pemerintahan - GTN Hukum & Kriminal - GTN Keagamaan - GTN Berita - Berita - GTN Olahraga - GTN Politik - GTN Kecelakaan - GTN Internasional - GTN Pariwisata - GTN Ekonomi - GTN Sosial - GTN Bencana Alam - GTN Entertainment - GTN Video - GTN Sepak Bola - GTN Otomotif - GTN Pendidikan - Jurnal Nasional - Artikel - GTN Kesehatan - GTN Nasional - GTN Headline - GTN Hukum - GTN Berita
Weather Widget for Website by cuacalab.id

Silaturahmi JTM Di DPC Sukaraja | Tahun Baru Hijriyah & Perpisahan Kenaikan Kelas Khatulistiwa

by Gardatipikornews.com
16 Juni 2026 - 46 Views

Sukabumi  || Gardatipikornews.com -- Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh_

_Sampurasun..._

Nu ku sim abdi dipihormat, Bapak Ketua Umum Jampang Tandang Makalangan _H. Hendra Permana, S.Sos., MM_ sareng jajaran DPP & DPC JTM, _Kang Yudi 'Si Peci Merah'_. Hatur nuhun kersa dongkap ka Padepokan Khatulistiwa.

Hormat oge ka Bapak _Kapolsek Sukaraja_. Mugia silaturahmi ieu ngahijikeun léngkah kanggo ngajaga generasi tina barang haram sareng tawuran.

Ka dulur saati alias sakandung beda bapak lain indung _Kang Feri alias Ki Watugunung_, ka panitia, guru-guru, OSIS, eksponen yayasan — hatur nuhun tulus. Kesang aranjeun jadi saksi.

_Para wargi..._

Khatulistiwa komitmen: _gratis dugi ka lulus_. Tahun ieu sadaya iuran kami bebaskeun. Niatna hiji: ngadidik tanpa beban, tanpa racun, tanpa kekerasan.

_Ayeuna hayu urang ngartoskeun filosofi "Jampang Tandang Makalangan"._

Aya nu naros: "Naha ngaranna galak?"

Jawabna: _Tak kenal maka tak sayang. Tak sayang maka tak cinta. Tak cinta maka moal bogoh ngabelaan._

_Hartina JTM:_

_Jampang_ = Lemah Sunda ngawitan ti Ciamis dugi ka Banten.

_Tandang_ = Wani maju, wani tampil, wani nyanghareup.

_Makalangan_ = Maju ka tengah gelanggang kahirupan — silat ucap, silat lampah.

_Urang JTM nyepeng 4 pusaka diantawisna numutkeun Sunan Kalijaga:_

1. _Menang Tanpa Ngasorake hartosna Meunang ulah sombong, ulah ngahinakeun nu eleh.

2. _Nglurug Tanpa Bala_ → Wani maju sorangan, tong ngandelkeun gorombolan. _Subuh geus tarhim, tapi hate kudu geus tandang heula._

3. _Sugih Tanpa Bandha_ → Hebat ulah pamer harta. Hayang kandaraan? Usaha. Duit cukup, meuli nu bekas ge teuing.

4. _Sakti Tanpa Aji-Ajian_ → Kuat teh lain ku jimat, tapi ku perang jeung hawa nafsu. Obatna: _kuatkeun Panca Indera + Panca Laras_. Eta pisan filosofi _Siliwangi_: _silih wawangi, silih ngawangikeun._

_Jadi nasehat kanggo urang sadayana:_

1. _Kanggo generasi ngora, murid-murid Khatulistiwa:_

   Makalangan zaman now teh lain adu jotos. _Kalangan prestasi_ nu kudu diancikan! Wani unjuk gigi di olimpiade, MTQ, ngaji, coding, wirausaha.

   _Jeung eling ku dua hal:_

   _Hiji, Jawara sejati mah anti nafza._ Narkoba, miras, lem — eta musuh nu ngancurkeun tandang. Asup kana awak, akal jadi buta, harepan kolot jadi bubur. _Prinsipna: Awak sakuat baja, hate sebersih cai zam-zam. Tandang makalangan, tapi ulah tandang ka jurang narkoba!_

   _Dua, tren tawuran teh teu pantes diturutan._ Eta kalakuan jalma _pengecut atawa banci_. Naha kitu? Sabab ngaroyok, mawa pakarang, ngalawan babaturan sorangan.

   _Lalaki sejati mah kieu cirina:_ Wani gelut ngabela kebenaran, tapi _tanpa alat, tanpa pakarang_. Wani adu hareupan, tangan kosong, hiji lawan hiji. Leuwih hade deui: _wani musyawarah, wani ngadeuheus heula_. _Mengalah untuk menang_. Sabab aya hukum nu ngatur urang. Negara boga pulisi, sakola boga guru. Ulah maen hakim sorangan. Tawuran teh ngerakeun kolot, ngarusak ngaran sakola, ngancurkeun masa depan sorangan.

2. _Kanggo para pemimpin:_

   Wani tandang teh _wani pasang badan jang rakyat_, kaasup ngajaga budak ngora tina narkoba jeung tawuran. Ulah ngalungkeun tanggung jawab. Inget, anjeun _wakil rakyat, khalifatullah fil ardh_.

3. _Kanggo balad Khatulistiwa & Jampang Tandang Makalangan:_

   Hayu tegak keun program. _Wani bersaing sehat, wani nunjukkeun kualitas_. Tong leungit adat Sunda: _someah ka semah, handap asor, silih asah silih asih silih asuh_. _Ngahiji ngajadi hiji!_

   Urang perang bareng ngalawan narkoba jeung budaya tawuran. Lamun aya batur nu ngajak, tarik! Ceuk: _"Urang mah JTM, jawara pake adab!"_

_JTM sanes ngajak gelut. JTM ngajak tandang ku akhlak, makalangan ku adab, perang ngalawan diri sorangan._

Hayu urang jadi jawara nu dipikacinta ku bumi, dipikadeudeuh ku langit, bersih tina barang haram jeung mental gorombolan.

*Sakali deui para wargi...*

*Insya Allah, Khatulistiwa nuju niat ngadegkeun ASRAMA PUTRA & PUTRI.*

*Tujuanana:* Nampung anak-anak *yatim, dhuafa, nu teu mampu, sareng nu imahna jauh ti sakola*. Supaya ulah aya deui budak pinter tapi putus sakola gara-gara ongkos, jarak, atawa teu boga bekel.

*Aturanna tetep: GRATIS.* Dahar, sare, diajar, ngaji, latihan silat — sadayana ditanggung padepokan.

*Ku kituna, abdi nyuhunkeun pangrojong ti para hamba Allah:*

*Hiji, pangdu’a mulia* mugia Allah ngagampangkeun.

*Dua, pangrojong moril sareng materil* sakumaha rizki nu dipasihkeun. Sa bata, sa liter beas, sa doa ti kajauhan — sadayana jadi amal jariyah, jadi saksi tandang urang ngabelaan anak yatim.

Rupina Cekap sakitu. Hapunten bilih kasumpingan lisan nu kirang sae,.

Abi Usman: Jampang Tandang? Massa: makalangan!

AU: Ngahiji?

(Ngajadi Hiji)

AU: I'maluu..

(Sami'na waato'na)

Hadza wallah yar'ana...

_Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh_

_Rampes..._

Pewarta : Agon gtn

Sebelumnya
SAMBUT KEPULANGAN KETUA UMUM FSP MARITIM, DELEGASI INDONESIA...
Selanjutnya
Perpisahan & Kenaikan Kelas Yayasan Pendidikan Islam Balad AL- Amin ,Khatulistiwa Berjalan Khidmat....

Berita Terkait :